YAUMUL IJTIMA' MWC NU BINONG, MINGGU, 29 JANUARI 2017, PUKUL 08.00 - 12.00 WIB, TEMPAT MASJID JAMI AL-MUWAHHIDIN KP. PAWELUTAN DESA CITRAJAYA

Selasa, 27 Februari 2018

Asal usul cilaka 12


Piwuruk Sepuh

Dina awak sakujur teh aya dua unsur, nyaeta : *jasmani* jeung *ruhani*..

Dina bahasa sunda aya kecap
*JISIM KURING*..
Jisim /jismun hartina Jasad, awak sakujur.
Kuring/Abdi nyaeta Ruhani

1.JISIM / jasad, bakal *BILATUNGAN*
2. KURING/RUH, bakal *BALITUNGAN*

Kumargi kitu kahade ulah hayoh wae ngalus-ngalus jasad, sakumaha geulis jeung kasep, da tungtungna pasti *BILATUNGAN*.
Ulah poho ka KURING/ABDI, sabab eta anu bakal *BALITUNGAN*

Riksa Diri, Raksa Awak.. malah mandar salamet dunya aherat.

Di tatar Sunda seueur pisan siloka kalebet kecap *SUNDA* éta ngabogaan harti anu jero..

SUNDA téh ngandung harti *NU NYUSUN DINA JERO DADA*..
Anu kudu nyusun dina jero dada téh nyaéta kalimah :
*لااله الا الله*

jumlahna aya 12 huruf, ngandung Harti Aya *12 kawajiban*, nyaéta *6 kawajiban bathin*, *6 kawajiban dohir*.
Kawajiban bathin nyaeta *Rukun iman 6*. Kawajiban dohir *Rukun Islam 5* jeung *Ikhsan 1*.. Jadi jumlah 12.

Lamun manusa geus *Iman, Islam tur nepi kana Ikhsan*.. ngarasa *neuteup* jeung *di teuteup* Ku Alloh, tangtu éta jalma boga rasa rumasa, salamet hirup jeung kahirupanana. .

Sabab teu aya deui cilaka nu pang gedé gedéna, iwal ti *cilaka 12*, nyaéta manusa nu geus teu percaya ka Alloh teu maké Iman, Islam jeung Ihsan. Nu 12 huruf tadi .
.
*لااله الاالله* .
.
Mugi sing janten mangpaat...🙏🏻🙏🏻🙏🏻

Tidak ada komentar:

Posting Komentar